Senin, 03 Maret 2008

Carita Pondok

JAGAT NANGKARAK
Ku : Sunda Kelana

Dokter Endis Sujana, juru panona ngareret ka kuring, gelenyu manehna imut siga-siga nu bungah pisan wireh ningali kuring Santana, apal deui di rupa, apal ka diri sorangan, nyaho dulur jeung baraya, inget deui ka imah bale, tempat nyiruruk jeung pangbalikan.

Bari ngelek map warna beureum, Dokter Endis nyalukan kuring, “ Santana, Santana ka dieu ka ruangan Bapak !!“, pokna. Ah teu salah sadar kuring ayeuna mah, dokter teh teu salah eta geuning nyalukan kuring, sologrong kuring ngadeuheus ka Dokter Endis, pok tumanya , “ sumuhun agan ieu simkuring, bade aya pikersaeun naon, sisinanteneun manggil simkuring wanci kieu “. Eh pan Bapak mah unggal poe oge manggil anjeun, ngan didinya karek ngarti poe ieu. Heueuh teu nanaon sakitu oge bapamah bungah anjeun geus leupas tina baluweng oge, ceuk Dokter Endis. Terus nyarita deui “ numutkeun catetan Bapa anjeun nyiruruk jeung bapa teh teu kurang teu leuwih cacap tilu taun, sabab anjeun sabar jeung tekun dina ngalaksanakeun parentah jeung getol ibadah ayeuna katembong hasilna, anjeun sehat, pikiran oge geus jejeg teu kurang dalah sasendok.”

Kuring rada nga huleng, ceuk gerentes hate “ tilu taun teh pan lumayan lila, naha aing teh bet karek poe ieu ngarasa nikmatna sholat, wirid, nagji jeung ngado’a kanu kawasa, naha kamana diri aing sakitu lilana. Setan naon jurig naon nu geus kumawani mawa pikir jeung rasa aing, emh geuning kieu nasib aing.” Kuring ngawani-wani maneh tumanya deui ka dr.Endis, “ teras maksad agan teh kumaha ?. ki dokter ngawaler : “ kieu Santana ( anjeuna lirih ), tugas bapak ngurus anjeun semet poe ieu sigana…., sabab anjeun geus sehat cara kamari samemeh anjeun datang ka ieu tempat, ayeuna mah anjeun geura mulang ka lembur kulawarga nungguan ti beh ditu keneh. “ kitu pokna dr. Endis teh, sor ngasongkeun Map beureum tea terus ngajak sasalaman, kuring teu wasa lain we di tampanan eta dampal leungeuna leuwih ti kitu kuring ngagabrug manehna, ras kapikir ku diri kuring lantaran manehna kiwari kuring eling deui, barokah pangeran geuning ngaliwatan dampal leungeunna, sanajan rupa geus kolot manehna gede ka sabar, sapopoe ngurus jalma gelo, jalma sinting, teu ka sawang sagede kumaha kasabaranana, ieu jalma lain kolot ku maneh, tapi kolot ku luang jeung pangalaman.

Teu karasa panon kuring rimbasak,cimata ngabaseuhan baju manehna, kuring ceurik balilihan dina dadana. Dumareuda kuring umangkeuh, “ dr. hampura jisim kuring, sakitu lamina ngarepotkeun salira, neda di tawakuf nu saageung-ageungna, hirup salira kacida bagja dunya akherat, miara jalma teu waras memeres jalma garelo lain pagawean enteng-enteng.” Ki dr. nempas : “Teu nanaon Santana eta mah geus jadi kawajiban hirup, kuring ikhlas blas boga pagawean cara kieu, kuring moal rek ngaharepkeun nanaon ti anjeun sabab warasna anjeun oge Santana, hiji upah nu nilaina ngaleuwihan jagat saeusina.” Ngareungeu jawaban kitu kuring tambah nyuuh dina dadana, emh gusti kacida bagjana ieu jalma, sarebu hiji oge can tangtu manggihan deui model kieu.

Satengah jam kuring sosonoan jeung manehna, dr. Endis Sujana. Akhirna daek teu daek kuring kudu ninggalkeun ieu patempatan, sabab kuring geus teu pantes cicing di dieu sabab era ari geus elingmah kudu cicing di ieu tempat. Sarengsena beberengkes meresan pakean kana jero tas, kuring indit muru panto gerbang rek mulang ka lembur matuh banjar karang pamidangan, bismillahirahmanirahim, gejlig kuring ngalengkahkeun suku nu katuhu muru kaluar komplek, tapi samemeh neruskeun lengkah kuring ngalieuk heulaanan ka ieu tempat, ana breh teh geuning aya papan nama gede Pisan tulisanana eces “ PANTI REHABILITASI JIWA ABAH SUJANA”.

Laju lumampah kuring nuju ka terminal beus “ Sawala “anjog ka terminal kira-kira jam salapan isuk, gek kuring diuk dina bangku nu aya diterminal seja nunggu antrian beus nu ka Puraarga. Can lila diuk,burudul aya sarombongan jalma marake jubah bodas, sorban gemat-gemat hideung bodas jeung sirahna ditutupan peci haji ngumpul ngagimbung minuhan terminal. Henteu sawatara lila datang saurang jalma jangkung badag, ceuk pamikir pasti ieu pamingpinna, terus eta jalma ngucapkeun takbir “Allohu Akbar ”, bari tutunjuk kasakabeh rombongan, hawar-hawar kareungeu ku kuring Pokna, “KITA HABISI WARUNG-WARUNG MAKSIYAT” teu lila geur talakbir, terus papencar muru ka warung-warung nu aya di sakuriling terminal, maranehna maksa ka nu boga warung supaya nutup warungna, atuh kaayaan jadi paciweuh nu keur jarajan nyalingkir paburisat, nu boga warung teu walakaya. Sabab jalma-jalma nu marake jubah bodas tadi leuwih garang, sabari mawa pakarang terus warung-warung nu aya di buburak di pentungan, ukur satengah jam warung-warung palastra rata jeung taneuh, nu bogana ukur bisa ngahuleng bingung teu aya di kieuna, teu saeutik nu careurik bari mikiran naon kasalahanana bet teu sakara-kara eta haji-haji ngancurkeun warung tempat maranehna ngagantungkeun hirup, hirup salaki pamajikan jeung ngabelaan anak-sanak sakulawarga. Teu lila rombongan haji-haji tea patingkuciwes ngaleungit sewang-sewangan, teu aya pisan di kieuna rasa aing pang benerna. Sanggeus sakabehna beres, bareres rata jeung taneuh ngiung…..ngiung sada mobil pulisi nuju ka ieu terminal.

Sawatara waktu kuring angger ngajejentul, hareugeun reuwas taya dikieuna. Asa teu percaya ka titingalian sorangan, haji naon mana boa, ari tingkah lakuna maehan harepan balarea. Gep kuring nyiwit sorangan-korejat karasa nyeri, gerentes hate “ aing teh eling, teu ngimpi anyar keneh ningali hiji drama kahirupan alam rame, pusing mikiranana saha nu pangbenerna di jero jagat ieu ?”. Teu laju lamunan kuring sabab kaburu datang mobil antrian, kalacat kuring naek-beus nu terus maju nuju ka Puraarga.


Harita kuring nepi ka lembur wanci sareupna, teu di sangka teu di nyana kulawarga geus ngaberes ngabageakeun kuring nu kakara mulang masantren ti Abah Sujana, barungah ningali kuring jejeg deui- teu lila gaok soara adzan magrib nyalukan sakabeh muslimin pikeun reureuh heula tina pagawean dunya geusan ngadeuheus kanu Kawasa, teu talangke kuring oge terus wudu nuju ka Masjid Istiqomah netepan sholat Magrib. Ba’da Magrib Mubaligh Masihan ceramah Kultum ngeunaan Sikep Optimis Seorang Muslim, eusina kacida cocok keur diri kuring-siga nu ngarti Mubaligh teh kana kaayaan kuring.

Sapoe jadi saminggu, saminggu jadi sa bulan singket carita kuring geus aya 2 bulan cicing di lembur, alhamdulilah bisa hirup tenang-tara kaliwat kuring shalat berjamaah jeung dulur-dulur rohani, reugreug hirup dina Jamaah mah.

Para wargi sadayana, para pamaos anu sarae manah, katenangan anu ku simkuring kiwari di pimilik henteu lila, sabab dina poe juma’ah pabeubeurang rebuan jalma datang ka masjid Istiqomah, di luluguanan ku jalma-jalma anu marake sorban bodas saperti di terminal baheula, tapi maranehna datang lain rek ibadah tapi rek daremo majarkeun masjid Istiqomah teh lain tempat jalma Mukmin, ceuk maranehna masjid Istiqomah mah tempat si kafir. Nu daremo tuluy ngangsreg ngadeukeutan masjid teu bisa di halangan, maranehna laleumpang bari semu narafsu, siap siaga rek ngaramuk, barang nepi ka hareupeun masjid luluguna maju ka hareup bari ngado’a, kieu pokna “ Ya Allah hancurkanlah rumahmu ini “ tuluy takbir mani ngaguruh, teu lila batu ting selebreng ngancurkeun kaca-kaca masjid. Sanggeus hancur tuluy masjid teh di segel teu meunang di pake. Aneh euy.

Ti harita kuring nguyung loba ngalamun, naha jalma teh geus rarobah, sakanyaho kuring jama’ah al-Istiqomah teh jalma-jalma anu tarekun ibadah, sholatna 5 waktu sapoe sapeuting, kiblatna nyanghareup ngulon, syahadatna teu beda jeung Islam sejen, zakat puasa di lakonan, munggah haji oge dilaksanakeun ka tanah Mekkah jeung masyarakat teu ngamusuh, ka pamarentah oge taat, tapi naha atuh eta jalema-jalema jejel ku hama teu gugur teu angin ngancurkeun masjid, leuwih bingung keur kuring sabab maranehna ngaku wawakil Islam, Islam nu mana atuh ? lain ..nu kapanggih ku kuring Islam teh pan ngajarkeun sing saha nu ngbangun mesjid keur Allah, Allah bakal ngabangunkeun imah di sorga, kuring dek tumanya ka balarea, ka Ustadz-ustadz, para kyai nu luhung Elmuna anu kacida lalekoh basa arabna, ari nu ngancurkeun masjid kumaha hukumna ?.

Nagara urang teh pan nagara Pancasila lain nagara agama, sila ka hiji jelas nyebutkeun Ketuhanan yang Maha Esa lain Kekerasan Yang Maha Kuasa, panganut agama jeung kapercayaan di lindungi ku Undang-undang, tapi kiwari jeung kamari pisan kuring ningali jagat geus nagkarak (tibaralik) nu nimbulkeun kaributan kalah siga nu meunang suka seuri eak-eakan, hapunten para gegeden Naha NKRI teh tos robih haluan kitu.

Tilu taun aya di Abah Sujana, cenah bari jeung sinting kuring teu weleh shalat jeung ibadah, naha kiwari sabada’na kuring waras bet kudu nenjo jalma shalat di buburak kunu ngakukeun urang Islam keneh…ke ke heula naha aing nu gelo atawa maranehna nu leuwih gelo tibatan aing.

Isukanana, rebun-rebun keneh kuring geus nyemprung dina beus nuju ka Abah dokter, dokter Endis Sujana tea, rek masrahkeun maneh geusan masantren deui. Lantaran kuring teu tahan, Da geuning di luar panti Rehabilitasi mah leuwih loba jalma nu garelo sarinting teh. Cag !!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar